Materi
Da’wah Kaul Acara Khitanan
Assalamu
alaikum Wr.Wb.
Hamdan
Wasukru Lillah Amma ba’du
Hadirin
Rohimakumulloh
Dina
raraga tasyakur walim
atul khitan
Cep
Danis Alfatih iyeu,
Widian
Alwi mizan ababil salaku kapi rakana,ngalatih diri bari silaturahmi ka urang
cisagu, etang-etang ngiring kaul ,sakantenan ngalap berkah tina iyeu acara.
Kalayan
manawa sareng sareng manawi,janten sababiyah kana di ijabahna do’a ibu
ramana,dina raraga ngadidik ngatik murangkalihna,pikeun ngawujudkeun
Rumah
tangga nu samawa,kalayan dipaparin lungsuran anu soleh
Nu
bakti kaibu rama,nu berguna kanggo nusa, bangsa, terutama agamana.
Amin
yarobbal alamaiiiiin….
Hadirin
rohimakumulloh…………………
Disamping
kawajiban ta’atna murang kalih ka nu janten ibu ramana,
ternyata
aya sababaraha kawajiban, anu peryogi di dugikeun ku ibu rama kamasing-masing
putra putrina.sangkan dunya jeung akheratna
diwuwuh
ku kabagjaan anu sajati.
Diantara
perkara penting, nu di anggap penting ning penting,ti sababaraha perkara anu
penting,
Nyaeta
:
Wawuhkeun
lungsuran urang sadaya ka Alloh Nu maha sagalana,nu jadi pangeran nu nyiptakeun
dirina jeung nyiptakeun sadaya makhlukna.
Nya Sabarahiji, ari alloh …?
qul huwallohu ahad……bejakeun
ku anjeun bahwa alloh teh hiji,
Allohussomad……alloh
teh,tempat mengadu sagala urusan.
Lam yalid walam yuuulad,allohteh
nu teu ibu rama,tur teu gaduh putra.
Walam yakul lahu kupuwan
ahad,alloh teh anu teu aya hiji babandingan, pikeun
ngabandingkeunana.
Ti iraha ayana alloh teh…..?
Alloh teh dzat, anu awwalun bila ibtida’in,wa aakhirun bilaa
intiha’in,tegesna dzat anu awalna teu aya nu miheulaan,akhirna teu aya
nu ngakhiran.
Allohteh dzat
Kumaha bentukna Alloh teh…?
Allohteh pangeran urang sadaya anu laisa kamislihi sai’un.tegesna
dzat anu
teu aya nu nyarupaan, ku nu liana, dina sagalana.
Dimana ayana allohteh…..?
Allohmah,laisa fii makaanin,wala
yamurro alaihi zaman,allohmah teu kakeunaan ku tempat, jeung alloh teu
kakeunaan ku zaman,baik zaman madi,nu atos kalangkung,
Zaman hal,
nu keur di randapan
Maupun
zaman istiqbal.tegesna zaman nu bakal dipayunan,
Pikeun allohmah teu ka keunaan ku pertanyaan dimana….?
Beda jeung nu leungit nu di pilarian ku ayu ting ting…..dimana
dimana dimaaaana…….? Wak waw.
Saha alloh teh…..?
Dzat alloh teh, nu wajib kasifatan ku sifat: wujud qidam
baqo………..mangga sareng sadayana………….
Sauihna………………….adam hudus fana……dst.
Tah iyeu Tauhid, jadikeun modal dasar,pikeun nauhidkeun keluarga
katut lungsuran urang sadaya.
Hadirin
rohimakumulloh
Saparantosna putra putri urang sadaya dididik
tauhid,maka tingkatkeun levelna kumaha carana……?
Rosululloh saw.parantos ngabimbing
urang sadaya melalui hadisna:
Addibuuuu
aullaadakum,alaa tsalaasi khisooolin
Anu
hartosna:ajarkeun ka putra putri urang sadaya ku 3 perkara.
Nu
kahiji:Hubbi Nabiyyikum
Ajarkeun
putra putri urang sadaya supaya mengenal Nabi na,yakni mengenal nabi Muhammad
saw.
Sollollohu
ala muhammaad,soolllollohu alaihi wasalllaaaam
Sollollohu
ala muhammaad,soolllollohu alaihi wasalllaaaam
Nu
kadua:Hubbi ahli baitihi
Hartosna
Wawuhkeun putra putri urang sadayana,sareng keluarga kangjeng nabi.
Saha
kulawargi kangjeng nabi the.
Sollolohu
wasallamaamaaa,alan nabi sayyidinaaaa,,,,muhammadin…waaaalihi wasohbiohi
ajmaiiiiina…….
Gusti
urang saraareaa kangjeng nabi anu mulyaaaaa,,,,,Muhammad jenengan anana arab
kures nya bangsanaaa……..dst.
Nu
katilu:
Ajarkeun
ka putra putri urang sadayana
Supados
tiasa maca qur’an,
Kumaha
carana…..?
Caranamah
disesuaikeun sareng kamampuan ngajar urang sadaya,nu biasa
ngahejah…..ngahejah,,,,nubiasa ngangge iqra….ajarkeun lewat iqro
Nu
penting lungsuran urang sadaya,tariasa ngaos kana al-qur’an….
Naun
sababna……..?
Sabab
geuning patokan hirup manusa di alam dunya,nu bakal jadi salasawios pertarosan
malaikat munkar sareng nakir di alam qubur,wama imaamuka…..naun nu jadi patokan
hirup anjeun,,,,,waleranana……alqur’aaanu imaaaamiiiii
alqur’an
patokan hirup abdi.bahkan alquran mampu menerangi gelap gulitana alam
qubur,kalailatal badri,saperti caangna bulan purnama tanggal 14 dinisbat pikeun
jalma ahli bagja di alam quburna.
Walhasil….alias
kasimpulanana
Putra
putri urang sadaya, Modalan tauhid nu paten sebagai tauhid dasarna,lanjut
tingkatkeun levelna ku tilu perkara,menurut hadis nabina.
Kahiji
didik putra putri urang sdadaya, suapaya wawuh sareng rosululloh
Kadua
didik putra putri urang sadaya, supaya wawuheun sareng sareng keluarga nabi.
Katilu
didik putra putri urang sadaya, supaya tiasa maca al-qur’an.
Kahartos
ibu…..?
Kahartos
Pak…..?
Alhamduuuuuuuuu
Lillah.
Teraskeun……………………………….?
Cape
teu……? Hmmmm
Upami
tos cape,
Yuk
urang ngado’a sasarengan,aminan ku sadayana.
Ya
alloh.….berilah sehat apiyat serta panjang usia bagi kita semua
Ya
alloh…..berilah kami rasa tawadhu atas ilmu’ yang telah diajarkan oleh para
guru’kami serta orang tua kami
Ya
alloh….berilah kami keberkahan ilmu yang mampu menghantarkan terhadap maslahat
dan manfa’at dunia serta akhirat.
Ya
alloh…hamba ini bukan apa’dan bukan siapa’tanpa orang tua dan guru kami.
Jazakallohu
ahsanal jaza….amin yrb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar